SELAMAT DATANG DISITUS RESMI KELAS 4 E

Senin, 18 Januari 2010

Materi Basa Sunda Untuk Minggu Ini

Mikaweruh Rarangken Hareup N- (nasal)

Titenan conto kecap-kecap di handap ieu!

baca + N- = maca
pacul + N- = macul
tulis + N- = nulis
badug + N- = ngabadug
karang + N- = ngarang
bor + N- = ngebor
coba + N- = nyoba
serat + N- = nyerat

Dina kecap-kecap tadi aya rupi-rupi parobahan kecap baca janten maca, pacul janten macul, tulis janten nulis, badug janten ngabadug, karang janten ngarang, dor janten ngebor, coba janten nyoba, serat janten nyerat. Parobahan –parobahan kecap tadi teh akibat pangaruh rarangken hereup N- (nasal).

Kacindekan
Tina conto kecap-kecap tadi bisa dicendekeun;
1. Rarangken hareup N- bisa ngarobah huruf diawal kecap jadi huruf m, n, ng, ny, nga, nge, katangtuanana saperti di handap ieu:
a. hurup b diawal kecap bakal robah janten m saupama hurup akhirna mangrupa vokal (a)
b. hurup b diawal kecap bakal robah janten nga saupama hurup akhirna mangrupa hurup g
c. hurup b diawal kecap bakal robah janten nge saupama hurup akhirna mangrupa konsonan r
d. hurup t diawal kecap bakal robah janten hurup n
e. hurup p diawal kecap bakal robah janten hurup m
f. hurup k diawal kecap bakal robah janten hurup ng
g. hurup c jeung s diawal kecap bakal robah janten hurup ny

2. rarangken N- teh aya 6 nyaeta m, n, ng, ny, nga, jeung nge

Conto rarangken hareup N- dina kalimah

Perhatikeun conto di handap ieu!
Jajang (baca) buku. = Jajang maca buku.
Asep (buka) panto. = Asep muka panto
Kardi (serat) surat kanggo Uwa. = kardi nyerat surat kanggo Uwa.

Pek pigawe saperti conto tadi!

1. Yadi keur (tulis) karangan basa sunda.
2. Mang Samsu nuju (pacul) di sawah
3. Ema nuju (pasak) sayur di dapur.
4. Bu Guru nuju (serat) dina bor.
5. Bu Guru (carios) ka Maman.
6. Lina (cepeng) Patlot ku panangan beulah kenca.
7. Mang Koko nuju (bor) sumur.
8. Teh Yati resep pisan (karang) carita dina basa Sunda.
9. Tong ameng papanahan bilih (colok) kana soca!
10.Mulyadi keur (baca) buku di perpustakaan.

Mikaweruh Guguritan

Perhatikeun guguritan di handap ieu!

Pupuh Mijil
Mesat ngapung putra Sang Arimbi,
Jeung mega geus awor,
Beuki lila beuki luhur bae,
Larak-lirik ningali ka bumi,
Milari kang rai
Pangeran Bimanyu.

Ditinggalan ka gunung ka pasir,
Jero leuweung ganggong,
Tapi weleh teu kapendak bae,
Gatotkaca sumelang panggalih
Welas ka kang rai
Ku rama ditundung

Eukeur kitu ngong kadangu sidik,
Surak tinggorowok,
Kawas-kawas eukeur perang rame,
Enggal mudun putra Judipati
Laun sarta ririh
Nyidikeun nu puguh

Guguritan nyaeta carita anu ditulis dina wangun puisi ugeran (pupuh) kusabab guguritan kaasup kana wangun pupuh jadi guguritan kawengku ku palanggeran pupuh (guru lagu jeung guru wilangan)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar